ASA DINA PANGIMPIAN
ASA DINA PANGIMPIAN Sabenernamah kabiasaan kuring mun rèk indit ka luhur ka sakolah sanggeus siap nepi ka makè jakèt atawa helm sok muka hp heula. Bisi aya naon-naon, pamana rapat jeung sajabana. Tah, poè Kemis 26 Februari ieu, duka kumaha kuring teu nyadar ondangan naon nu geus dibaca. Tuluy wèh kuring indit saget kana tujuan nu rèk digawèan poè ayeuna. Di sakola kuring nitènan kelas jeung stap tatalaksana nu keur migawè memener jeung meresihan pager. Teu lila jol kring aya telepon ti Haji Budi, majar tèh, "Ari Ibu ka mana?" Kuring ngarènjag, da bener aya nu poho, poè ieu kuduna rapat ka SMP 1 Namprah. Teu talangkè deui kuring indit dina waktu geus nunjukkeun tabuh satengah sawelas. Sajajalan hatè galècok sorangan bari milihan jalan nukacida gorèngna. Kuring kana motor sorangan moro Jalan Sorèang kusabab poè keur hujan waè. Jalan renjul ngahiji jeung cileuncang, lamun tèamah ngagubrag mana teuing belok jeung nyerina. Ieu di luhur kènèh. Can kabayang kumaha kè la...