Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2026

BAKAT KUKAWEUR (pentigraf)

Gambar
  BAKAT KUKAWEUR Ku N. Mimin Rukmini Nepi ka sakola tèh rada  kaberangan saeutik. Kuring tenga-tengo ka kelas. Kelas nuhiji keur nyeting laptop nubakal dipakè gladi TKA. Kelas nuhiji deui baris dipakè rohangan keur sanlat. Guru nu aya ukur Bu Hani ribut bèbèrès memener barudak nu sanlat, sedengkeun  Pa Maman jeung Pa Dèni aya di kelas 9B nyiapkeun atawa nyèting keur gladi tèa.  Kuring bulak-balik, nepi ka ahirna kelas 9 mimiti gladi, sedengkeun kelas 7 jeung 8 keur salat duha, Pa Ade, Pa Fany, kabeneran geus aya titadi ngabimbing salat duha. Malah Pa Devi ogè ngomando salat, pon kitu deui Bu Hani ngilu salat duha. Bu Imas jeung Bu Yuyun bagèan dokumentasi.  Sabada ningal nusalat jeung gladi  geus ngamimitian, kuring oge gesut kacai wudu tuluy salat duha. Jiga sasari solat di rohangan KS tèh nyanghareup ka mèja, hartina kiblat ka arah mèja atawa ngulon. Mangsa ngadoa, kuring ngagebeg inget nu keur solat tadi di rohangan sanlat. "Boa-boa aing salila ieu salah...

KAGOK CAPÈ

 KAGOK CAPÈ Lalampahan ngarasakeun nikmatna naèk motor poè Kemis, 26 Februari sabada rèngsè rapat di SMP Ngamprah  ieu, mawa hatè inget kaindung nusababaraha waktu  teu ditepungan, komo bari jeung poè maju ka poè libur, Jumaah, Saptu atawa minggu.  Sabada rapat kuring nelepon Bapana Budak yèn kuring rèk terus ka lembur ka Purwakarta. Lian ti èta, kuring ngechat dina grup Keluarga Maman, Mimin, Mumun, bèbèja yèn kuring rèk balik. Tabuh hiji leuwih dua puluh kuring indit ti Ngamprah,, Padalarang. Sajajalan pikir jeung hatè teu welèh nyarita kumaha mun nyahareupan atawa rèk nyiap mobil gandèngan atawa kontèner. Galecok deui ieu hatè, jalan pungkal, pengkolna pisan, tapi ieu jalan rada lebar. Ngiuung, leungeun katuhu ngagas motor, atawa gas dikendoran atawa  ngerem ku leungeun kenca, katuhu, atawa duanana. Tuluy kuring nyiap mobil nu aya di hareupeun. Spedo motor sakapeung ditingal, rata-rata 40k/jam atawa leuwih. Kurang leuwih dua jam, ahirna kuring nepi ka imah nu...

ASA DINA PANGIMPIAN

 ASA DINA PANGIMPIAN Sabenernamah kabiasaan kuring mun rèk indit ka luhur ka sakolah sanggeus siap nepi ka makè jakèt atawa helm sok muka hp heula. Bisi aya naon-naon, pamana rapat jeung sajabana. Tah, poè Kemis 26 Februari ieu, duka kumaha kuring teu nyadar ondangan naon nu geus dibaca. Tuluy wèh kuring indit saget kana tujuan nu rèk digawèan poè ayeuna.  Di sakola kuring nitènan kelas jeung stap tatalaksana nu keur migawè memener jeung meresihan pager. Teu lila jol kring aya telepon ti Haji Budi, majar tèh, "Ari Ibu ka mana?" Kuring ngarènjag, da bener aya nu poho, poè ieu kuduna rapat ka SMP 1 Namprah. Teu talangkè deui kuring indit dina waktu geus nunjukkeun tabuh satengah sawelas.  Sajajalan hatè galècok sorangan bari milihan jalan nukacida gorèngna. Kuring kana motor sorangan moro Jalan Sorèang kusabab poè keur hujan waè. Jalan renjul ngahiji jeung cileuncang, lamun tèamah  ngagubrag mana teuing belok jeung nyerina. Ieu di luhur kènèh. Can kabayang kumaha kè la...