Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2026

CÉK AING, KOPI TÉH EUWEUH, EUWEUH

 CÉK AING, KOPI TÉH EUWEUH, EUWEUH Ku N. Mimin Rukmini Aya-aya waé tingkah polah Si Iteung. Hiji waktu, anjeunna kadatangan tamu. Salakina ngagorowok ménta Si Iteung sangkan nyieun kopi keur ngajamu tamu. Ari Si Iteung mah teu némbalan, da puguh di dapur geus euweuh kopi. Si Iteung api-api teu ngadéngé kana  panitah salakina. Manéhna jongjon kukumbah bari dina haténa ngagerentes, ambek kacida lantaran keur teu boga kopi. Kabeneran, tamu ménta ijin rék ka jamban. Ari Si Iteung mah nyangka éta téh salakina nu rék ka dapur. Teu kungsi lila, Si Iteung nguliwed di tukangeun panto. Barang panto bray dibuka,  ceuli tamu  ujug-ujug dijiwir ku Si Iteung bari pok nyarita, "Cék aing, kopi téh euweuh, euweuh!" Atuh tamu ngagorowok kagét. Si Iteung colohok bari ngagerentes, "Beu, sugan tèh salaki aing!" Pangandaran, 5 Juli 2026 Diadaprasi tina carita salah sahiji Penceramah dina Reuni Akbar KBIH H2QM.