KAGOK CAPÈ
KAGOK CAPÈ
Lalampahan ngarasakeun nikmatna naèk motor poè Kemis, 26 Februari sabada rèngsè rapat di SMP Ngamprah ieu, mawa hatè inget kaindung nusababaraha waktu teu ditepungan, komo bari jeung poè maju ka poè libur, Jumaah, Saptu atawa minggu.
Sabada rapat kuring nelepon Bapana Budak yèn kuring rèk terus ka lembur ka Purwakarta. Lian ti èta, kuring ngechat dina grup Keluarga Maman, Mimin, Mumun, bèbèja yèn kuring rèk balik. Tabuh hiji leuwih dua puluh kuring indit ti Ngamprah,, Padalarang. Sajajalan pikir jeung hatè teu welèh nyarita kumaha mun nyahareupan atawa rèk nyiap mobil gandèngan atawa kontèner. Galecok deui ieu hatè, jalan pungkal, pengkolna pisan, tapi ieu jalan rada lebar. Ngiuung, leungeun katuhu ngagas motor, atawa gas dikendoran atawa ngerem ku leungeun kenca, katuhu, atawa duanana. Tuluy kuring nyiap mobil nu aya di hareupeun. Spedo motor sakapeung ditingal, rata-rata 40k/jam atawa leuwih.
Kurang leuwih dua jam, ahirna kuring nepi ka imah nu jadi indung. Ari Mamah ( nyebut indung) meureun geus dibèjaan ku adi (Mumun) jeung ku lanceuk, A Maman kuring rèk balik nyampak tèh geus nungguan di hareupeun imah. Meureun geus ngarep-ngarep ti tatadi. Celengkeung tèh indung nyarita "Na atuh Min henteu capè kana motor? Padahal sarèrèa kadieu, ngarah kana mobil."
Tembal kuring, "henteu Mah, kagok capè bari seuri. "
Cag ah!
Bandung Barat, 3 Maret 2026
Komentar
Posting Komentar