PEK KOPER, MANEH BALIK TIHEULA NYA!



PEK KOPER, MANEH BALIK TIHEULA NYA! 


Ku N. Mimin Rukmini


Poe ieu Saptu, 5 Juli petugas haji bagean ngaluarkeun koper bahasi ti lobi hotel. Ti kamari keneh sabenerna eta koper geus ngajengjreng di tiap lantai hotel. Lantai hotel nu ditempatan kuring jeung nu sa KBIH aya di lantai opat jeung lima. 

Aya sedih, bungah, nalangsa, jeung piseurieun mun nitenan eta lalakon eusi koper. Paribasana ti mimiti rek indit hajian, nepi rek mulang deui teu weleh koper nu jadi omongan. Sedihna mun eusi koper geus metet pisan, koper dipaksa didedet- dedet. Mun teu asup der dikaluarkeun deui. Can deui ku aturan cai jam-jam teu meunang asup koper bahasi, sarupaning beusi, peso,  payung, atawa kaulinan budak teu meunang diasupkeun. Aturan terus di infokeun, tapi nu ngeusian koper terus ngalanggar. 

Nu kacida nalangsa jeung watirna, mun seung aya ema- ema hajian sorangan wae, barangbeuli loba, koper hiji, ngasupkeun teu bisa. Karunya teh kudua, kutilu. Lain ku Ema hajianana wungkul, tapi nu bareng sakamar tan wande kudu ngilu ngabebener eusi koper. Cek Si Ema ngagampangkeun  ngajawabna, "Wios Neng da gampil ieu ku Ema dijingjing". Bari jeung mun ditingal nalika ngajingjing waktu tos meuli, kumawa oge rada babangkieungan. Ah, nyaeta ieu ujian ka salerea nu keur hajian enggoning kudu sabar jeung tawakal dina nyanghareupan kaayaan. 

Kumaha ari nu pikaseurieun. Sok aya wae dongeng jeung kaayaan sabenerna. Mun kaulinan barudak lantaran teu asup kana koper der digantungkeun jeung ditalikeun kana awak. Terus baju anu nu teu cukup diasupkeum sarua, batur kuring aya nuniat rek make baju tilu rangkep. Teu kuhanteu dongeng  hajian nu geus nepi ka tanah air make baju genep jeung ngagantungkeun onta dina awak. Lain ngan ukur onta, sarupaning termos hampang oge digantungkeun. Ampun, nya! Da nyaeta paribasa sieun dirajia. Padahal duka teuing ari geus nepi ka bandara na. Lalampahan ibu haji nu teu merenah. 

Eta ge lain ku teu hayang tumut kana aturan pajar teh, ngan kusabab bakat ku nyaah ka anak incu. Hayang babawaan, hayang oleh-oleh kasebutna ti nagri Arab. Sugan jeung sugan bari salah, leupas tina pamariksaan petugas bandara. 

Ah, nyaeta koper cig maneh indit tiheula. Maneh boga lalakon nu mawa susah, jeung bagja. Mudah-mudahan  kuring boga sifat jiga anjeun, teu lemek, teu nyarek, sabar, tawakal, kumaha cek nu boga koper. Hartina kuring nu geus hajian mudah-mudahan kahareup terus sabar atawa tawakal, tur nanjeur, tumakninah dina ngalakonan ibadah. Jadi haji mabrur jeung mabruroh. 

Alloohumma hajjan mabruuron wa dzanban maghfuuron🤲🤲🤲


Lobi Hotel Manazil Madinah, 5 Juli 2025, nalika petugas naekeun koper bahasi kana treuk.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pembelajaran dari Kedatangan Seekor Kucing Sakit