Hayang Asup Surga Sorangan

 Hayang Asup Surga Sorangan


Kuring tumakninah ngaregepkeun Ajengan anu keur bewara ikhwal fikih Ibadah haji. Kusareret ajengan teh ningal  ringkak paripolahna kaasup jalma pinter, singer, tur masagi dina elmu pangaweruhna. Ustad komunikatif jeung kuring tur jamaah nu lian. Ki ustad mawa situasi nu teu matak nundutan. Sakapeung manehna heureuy, atawa ngilustrasikeun materi atawa sikap kana lampah anu hade, jeung lain2.


Ceuk Ustad cacarita waktu dina kapal, umajak oge ka salererea yen urang sakabeh dina ibadah pasti aya bedana. Ulah sok gurah geureuh, ulah sok curak carek sabab urang boga imam masing-masing. Tah, ieu Ustad oge ngadongengkeun lamun tayamum majar teh salah sahijina kudu dina batu anu sifatna napel kana taneuh atawa tayamum kana daun anu akarna masih nyambung kana taneuh. Kuring ngajenghok. "Kumaha solat lamun keur dina kapal eta? Komo lamun deuih kapal teh take ofna tabuh 00.00?" gerentes hate. 


Tuluy Ustad medarkeun oge, manehna solat sorangan dina kapal majar teh sabab musolana leutik. Jamaah haji solatna meunang diqodlo hartina meureun dina kapal mun tayamum teu minuhan syarat sahna tayamum. Jamaah haji bisa solat lamun geus nepi ka pamondokan. Dasar Ustad telenges! Ngajongklokeun batur teu solat.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pembelajaran dari Kedatangan Seekor Kucing Sakit

YANG BAPAK TANAMKAN