LOBA JALMA ANYAR (Pentigraf)
LOBA JALMA ANYAR Kuring ngabarakatak seuri, ninggang aya guru nyeletuk, "Bu, mun usum hujan kieu, ngadak-ngadak sok loba jalma anyar da?" Kuring ngahuleng kagèt jeung bingung. Bari nanya kunaon sababna, pèk tèh èta guru nèmbalan, yèn loba jalma anyar tèh nu boga motor atawa naèk motor. Terus èta guru ngajèntrèkeun deui. Usum hujan tangtuna mun naèk motor bakal huhujanan. Komo lamun huhujanan bari jeung babaseuhan da lantaran teu mawa jas hujan. Kuring rada unggeuk-unggeukan bari jeung dilenyepan èmang kaharti. Antukna èta guru ngadongèngkeun deui bari mèsem yèn jas hujan dijieunna tina palastik. Naon-naon nu dibungkus palastik geus pasti barang anyar. Baju anyar, sendal anyar, jeung sajabana. Tah, jalma ogè nu naèk motor, jas hujan tèh sarua palastik, jalma nu dipalastikan tinangtu jalma anyar kènèh, lain anyar pinanggih atawa pindah, tapi anyar jiga sapatu, atawa baju. Beu, kaharti kitumah. Bari kuring nyeuleukeuteuk. Cag ah! Lalakon di sakola ...