MUN TEU SATAKERNA MOAL NEPI
MUN TEU SATAKERNA MOAL NEPI
Ku N. Mimin Rukmini
Rupa- rupa dongeng babaturan jamaah nalika ngalakonan lempar jumroh. Boh tina jumroh aqobah nu mimiti, atanapi dua poe nubeda ngalempar jumroh Ula, Usto, jeung Aqobah. Karasa ku kuring sorangan dina mangsa lempar jumroh, Minggu 8 Juni 2025 tabuh 11.30 beurang, nya dag dig dug, nya keueung, nya atoh bisa leumpang jeung batur sadunya. Utamana rasa syukur nu teu kaukur kuring jeung sadaya babaturan jamaah bisa ngalakonan lempar jumroh ieu.
Salian ti rasa nu di luhur eta, aya nu pikaseurieun, aya oge nu pikasebeleun. Dalah dikumaha, apanan urang rek nyampurnakeun hirup dina tetekon Agama Islam, wayahna meureun naon rupa nu kalakonan kudu dibeuweung, lain diutahkeun nanging dilenyepan sugan jadi panggeuing diri, yen naon rupa nu karandapan eta enggoning lantaran dalang nu Maha Dalang, Alloh Swt.
Kacaritakeun kuring jeung pun lanceuk (nu jadi salaki) ngahaja teu leupas tina cepengan pananganna. Nyaeta da sieun leupas. Mun leupas tinangtu papisah da keur pasesedek tea. Kuring silih cepengan kalawan pageuh. Hiji panangan ka pun lanceuk. Panangan hiji deui nyepeng batu nu tos dipisahkeun nyandak 7 siki dina tiap tempat jumroh eta. Ninggang nepi ka jumrotul Ula kuring jeung pun lanceuk parendeng terus ngalungkeun batu nu tujuh hiji-hiji, bari tiap ngalungkeun ngucapkeun Allohuakbar satakerna ka tembok jumroh. Lamun ngalungkeun teu satakerna nya sieun eta batu keuna kana awak atawa sirah batur nu tos puguh jarangkung gede. Sirah teh leuheung basa nu aya rambutna keneh. Tah kumaha mun seug ninggang kana sirah anu botak kabayang pisan atuh.
Hiji mangsa pas kuring satakerna ngucapkeun Allohuakbar, jeung ngayunkeun panangan bari seseledek, ari solodor teh mastaka botak jangkung hideung. Aduuh, ampir -ampiran kuring kalepasan ngalungkeun batu. Tungtungna manehna ngomong duka naon teu kaharti bari seuri. Tungtungna kuring jeung pun lanceuk oge seuri bari ngagerentes "untung, batu teu ninggang nu herang".
Sanggeus batu nu tujuh tadi dialungkeun terus kuring jeung pun lanceuk tur batur oge malik saeutik ngadep ka kiblat terus ngadoa naon nu dipenta ku urang. Kitu saterusna, nepi ka ngalempar jumroh aqobah.
Teu kabayang ti tadina mun ngalempar jumroh situasina pasesedek jalma rebuan ngumpul dina satempat. Kadarulloh, ahirna kuring pun lanceuk, jeung jamaah lian nu sareng lempar jumroh salamet dugi deui ka hotel sok sanajan dina waktu ereng-erengan.
Cag ah!
Rawaf Mina, 9 Juni 2025
Komentar
Posting Komentar