NU CILINGCINGCAT DI KAMAR 306
NU CILINGCINGCAT DI KAMAR 306
Ku N. Mimin Rukmini
Karunya, hariwang, ringrang, jeung melang mun seug nitenan ieu babaturan sakamar. Meusmeus tiris, meus meus barang teangan neangan obat anu cenah leungit duka nyimpen di mana. Bu Entin, katelahna ieu jalma nu mindeng cilingcingcat teh. Paribasa neangan obat, paribasa neangan kayu putih, eh mun geus dibere nginjeum kayu putih, eta kayu putih babaraha waktu majar geus poho nyimpen. Terus Bu Entin neangan deui kayu putih, nepi ka manehna teu bisa sare-sare acan.
Teu kuhanteu Bu Entin oge neangan obat pajar teh sacanggeum leungit. Kuring jeung babaturan nu lian ngan bisa ngahibur sugan obat aya katumpuk dina baju jero koper atawa kapiceun ka tempat sampah. Bu Entin geus babaraha kali ngabudalkeun jeung ngasupkeun eusi koper. Pon kitu deui majar teh dina tempat sampah oge geus diteangan.
Kuring karak nyadar terus nanyakeun obat naon nu diteanganna.
"Obat mah Bu. Ieu kuring nyeri pisan lambung," tembalna.
Kuring ngarenjag panya teh obat naon. Mun apal titatadi meureun lambungna geus cageur. Bu Entin sarua sok ngonsumsi promah jiga kuring. Antukna manehna seuri bari jeung langsung nginum promag. Bu Entin bari suka bungah nyobaan deui ngabudalkeun sampah tina tempatna. Ari gorehelteh tetela obat sacanggeum teh aya dipalastikan keneh dina tempat sampah. Teu kuhanteu nu cilingcingcat jeung batur sakamar kacida bungahna.
Cag ah!
Carita lain tinu hajian.
Bekasi, 27 Mei 2025
Komentar
Posting Komentar