ATUH KABURU KONGKORONGOK DOMBA
ATUH KABURU KONGKORONGOK DOMBA
Aya-aya wae pikaseurieun jeung lenyepaneun naon nudidugikeun Ustad Hasan Guru kuring. Pa Ustad kaasup Ketua Rombongan (Karom) di KBIHU kuring. Kuring jeung babaturan jamaah haji nu kiwari keur nyiapkeun diri nyanghareupan wukuf haji teu weleh ngarasa tengtrem mun seug Pa Ustad ngaguar materi ngeunaan ibadah haji jeung sajabana. Pon kitu deui dina waktu ngimaman salat para jamaah, bacaan Fatihah atawa susuratan teu weleh istuning bacaan ceuk kuringmah sampurna. Matak tiis kana manah, tengtrem diri, beh dituna jadi panggeuing, rumasa kuring jalma naif lamokot kudosa.
Taah kabeneran subuh ieu Pa Ustad neruskeun hanca peuting tadi, sabada solat magrib jeung isya, nyaeta ngeunaan kunaon sababna urang Islam kudu nitenan panan poe. Anjeuna netelakeun panon poe sabenerna ti zaman nabi geus jadi patokan keur ngalampahkeun ibadah solat. Ti mimiti waktu terbit pajar cirina waktu solat subuh, nepi ka waktuna solat isya nyaeta ti mimiti ahir magrib nepi ka tengahna peuting. Kaasup waktu lohor aya dina mangsa panon poe aya dina luhur sirah urang. Waktu asar di tengah- tengah antara ahir lohor jeung asup awal magrib. Lima waktu solat ku Pa Ustad dibeberkeun kalawan jentre.
Salian tina waktu-waktu solat eta nu kuring kacida ngembang kaduna, nyaeta diterangkeun ihwal hubungan ngitung poe dina penanggalan hijriah. "Ah, nyaan ustad teh masagi! gerentes hate." Kuring kakarak apal kunaon sababna mimiti kaitung ganti poe teh dina kalender Islam diitung tina waktu magrib. Rengse itungan tanggal jeung poe, Ustad ngabedakeun waktu pajar jeung waktu terbit matahari dina salila waktu subuh. Waktu subuh lilana ngan ukur sajam 20 menit. Jadi, mun subuh satengah lima, meureun jam genep kurang 10 menit geus ahir subuh asup kana waktu duha. Mun jalma kakarak solat subuh, *haar atuh kaburu kongkorongok domba*. Geer atuh kuring jeung jamaah nu lian euweuh nu teu seuri hiji oge.
Cag ah!
Carita lain tina ibadah haji
Rawafmina, 2 Juni 2025
#3
Komentar
Posting Komentar