Neng, Mun Seug Deukeut

 


Neng, mun seug deukeut

Rasa kanyaah nu jadi dulur

Hayang maturan, marengan

Hirup

Sapoe kaduana 

Saminggu heuleutna


Neng, mun seug deukeut, 

Ngeyembengna cipanon

Moal bet bedah

Kaubaran ningal barudak

Culang-cileung lalanjung

Nineung


Neng, mun seug deukeut

Lalakon hirup nu geus nutup

Teu weleh mepende hate

Cumantel otel

Hese mopohokeun

Hidep nu geus teu aya


Neng, mun seug deukeut, 

Hayang ngetrok pintu sawarga

Sugan hidep jaga 

Gugupay 

Mareng deui lampah nubakal langgeng


Cihampelas, nineung sobat nu geus teu aya. (Dian Diana), 19 Desember 2022

Komentar

Postingan populer dari blog ini

YANG BAPAK TANAMKAN

KOORDINASI MEMBANGUN SINERGITAS YANG TUNTAS