Kudu Mikir Dua Tilu Kali


Poe ieu Poe Senen. Isuk keneh ngahaja kuring geus siap-siap. Ti peuting geus buleud sugan halodo rek isuk keneh ka sakola, da rumasa aya tilu kalina kuring teu milu upacara banera Poe Senen. Dina implengan mun poe jiga poe Ahad kamari  tinangtu di tanjakan Juki nu pikakeueungeun lantaran  butut jalanna mun cangra bakal rada bisa milihan jalan. 


Ti subuh keneh hujan teh sanajan leutik geus ngeureuyeuh. Ngan kupikiran sugan raat. Heueuh bener raat. Eeh! Ger deui hujan. Kitu jeung kitu poe ieu teh. Bari sasarap kuring nungguan hujan raat. 


Dalah dikumaha, beja ti luhur sarua hujan. Sieun jeung keueung jadi ngahiji. Antukna nepi kaberes ieu carita pondok bari nungguan raat hujan. "Ah, Sobat, hampura! Poe ieu kuring jigana can bisa ka sakola. Nitip sakola!" Gusti, kuring kudu mikir dua tilu kali. 


Cihampelas,  ngadago hujan raat. 22 Januari 2023

Komentar

Postingan populer dari blog ini

YANG BAPAK TANAMKAN

KOORDINASI MEMBANGUN SINERGITAS YANG TUNTAS