Pemtigraf HOOKEUN

 HOOKEUN


Ngalenyepan diri dina zaman nu geus arahéng, molohok mata simeuteun bari ngajeten luareun kaca. Kaalaman ku kuring na mangsa ayeuna caritana keur ngilu jalan-jalan atawa pelesir jeung nujadi anak. Sebut weh ngaranna di Sumarekon. Ti mimiti asup ka toko nepi ka tempat kuliner, kuring olohok jeung olohok ngembang kadu. 


Taah, caritana Bapana budak meuli sapatu nu kasebut mahal da emang di toko teh teu aya nu murah. Tadina mah pajar Bapana ulah teu meuli teuing, der weh meuli kaos kaki. Tilu siki hargana 143 rebu. Ari pek teh cèk pelayan toko, kudu meuli dua mun hayang diskon. Nya atuh kapaksa meuli sapatu ngarah diskon hargana. Sapatu nudipake Bapana ngan ukur 100 rebu,  atuh eta sapatu nu kakarak dibeuli langsung dipake, meh ngarasa sapatu mahal. Nyaeta sapatu skecer. 


Sanggeus meuli sapatu, lantaran papisan jeung barudak, terus ka handap ka deukeut tempat parkir nu mimiti tadi asup. Tuluy kuring jeung Bapana neangan kadaharan nu kira-kira wawuh. Eh, geuningan ngan aya sarupaning kadaharan luar nagri. Kuring teh boga duitmah, ngan hanjakal teu bisa ngomongna da basa Inggris

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pembelajaran dari Kedatangan Seekor Kucing Sakit

PEK KOPER, MANEH BALIK TIHEULA NYA!