Matak Ge Tong Sagala Dicoba

Pentigraf Matak Ge Tong Sagala Dicoba Ku N. Mimin Rukmini Sakapeung sok hayang seuri kulalampahan. Caritana kuring dina mangsa diklat inklusif mun geus beres materi sore ieu rek jalan-jalan ka mol di handapeun hotel. Kuring nyebut handapeun hotel da nyaeta kagiatan lumangsung di lantai 4, jeung kamar kabagean di nomer 731. Sanggeus materi, kuring jeung tiluan babaturan diklat Bu Ati, Bu Nenden, jeung Bu Eva ti Bandung Barat saget moro lip turun ka lantai hiji moro ka nu disebut mol tea. Ti mimiti asup ka mol kuring opatan teu talangke deui moro baju jeung calana nu katingal aralus. Baju dicabak diulak-ilik, lemes, tur lembut. Ari pek eta ningali harga, aya nu lima ratus, 700, malah nepi ka harga 999 rebu. Cek kuring ka babaturan, yen ieumah urang teh salah asup. Ari cek babaturan, atuh hayu asup ka tempat sapatu. Sarua sapatu oge aralus. Ngan kuring teu manggih harga sabarahana eta sapatu. Ari pek ku babaturan ditingalikeun. Edun! hargana 2 juta 3 ratus. Antukna ...