TILU BIDADARI SALAH TURUN

 TILU BIDADARI SALAH TURUN


Aya-aya waè dongeng babaturan na mangsa dina beus balik piknik ti Pangandaran. Tilu ema-ema nu sakamar bet mandi babarengan sabada ngojay di laut jeung di hotel. Majar tèh  "Da sieun asup angin mun kuring kudu silih tungguan,"

Teu kuhanteu batur dina beus, eak nyakakak, nyengseurikeun kalakuan èta tilu ema-ema. Ahirna babaturan rada lila ogè nanggap ema-ema tilu bidadari èta, ti mimiti asup ka kamar  nepi ngabagi cai di kamar mandi. 

Cai nu dibagi ku tiluan tèh nyaeta nu saurang mandi dina wastapèl makè gelas paranti nginum nu aya di kamar. Ema nu kadua make selang paranti obèh nu napel kana WC. Tah, Ema nu katilu nu pang ngeunahna bari sakapeung  disènggolan kunu duaan, lantaran hayang cai nu leuwih gedè ngocorna. Kabayang ku urang tilu ema-ema bubulucun di kamar mandi. Untungna kamar mandi tèh rada lega. Atuh nyata ieu mah nya, Lur! 😁 Tilu Bidadari tèh salah turun. Nu kuduna  turun ka leuwi jadi ka kamar mandi. Beu! 

Cag ah! 

Dina beus, mulang ti Pangandaran 9 Januari 2026

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pembelajaran dari Kedatangan Seekor Kucing Sakit

PEK KOPER, MANEH BALIK TIHEULA NYA!