SEURI BARI JEUNG CEURIK
SEURI BARI JEUNG CEURIK
Duka kumaha mimitina, nu jelasmah hayang seuri tapi oge keueung beak karep nandangan kajadian tadi beurang. Caritana kuring, salaki, indung, incu, adi, jeung lanceuk liburan di villa deukeut Gunung Ceremai Kuningan. Ari pèk nepi ka tempat parkir mobil ampir kateunggar kayu haliber tina imah kayu luhureun parkiran. Kuring gimir incu oge ngagoak ceurik sieuneun.
Emang ti kamari kènèh malah aya samingguna meureun poè tèh angkeub jeung teu welèh hujan waè. Jiga tadi ti mimiti indit ti Bandung nepi ka ieu villa sapapanjang jalan hujan. Komo geus asup ka Kuningan mah hujan dibarengan ku angin gedè ngagelebus paur di jalan gè, paur tangkal kai atawa dahan ninggang ka awak urang.
Tah, nepi ka tempat parkir kajadian angin gedè deui. Duh paur kai racleng, kana mobil komo ninggang awak atawa sirah. Bari ribut dipapagkeun patugas villa, kuring sarèrèa nepi ka villa anu dituju. Ari di villa kulawarga nu sèjèn geus nungguan sing purungkut ngariung bari sarieuneun. Aya atoh bisa ngumpul jeung kulawarga adi, lanceuk, kalawan bèsan. Aya ogè hayang ceurik kunaon bet keur usum angin gedè pikeueungeun. Ari keur kitu ger deui angin, atuh sing golombrang, sora kaleng mah, kai imah, duka kenteng, atawa palapon marurag. Nu jelasmah villa imah kai gè asa oyag-oyagan. Na, da èta mah, kuring sarèrèa, ngadègdèg, bari sareuri koneng jigana. Kuring ogè sarua bari seuri bari nyurucud cimata, bari deuih cumarita, "Na atuh urang kadieu tèh rèk liburan niiskeun pikir, ieu mah kalah meunang angin gedè pisieuneun. Beu!
Cag ah!
Kajadian tadi beurang.
Kaki Gunung Ceremai Kuningan, 24 Januari 2026
Komentar
Posting Komentar